Rabu, 16 Maret 2011

KECAP RAJEKAN (BASA SUNDA)

Numutkeun sumber nu kapendak tina http://su.wikipedia.org/wiki/Kecap_Raj...

Kecap rajekan nya eta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya oge nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang.

Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, diantarana:

1. Rajekan Dwipurwa Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nya eta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal". Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana. contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran

2. Rajekan Dwimadya Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nya eta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah. jadi rajekan dwimadya nya eta kecap anu dirajek engang tengahna. contona: Sapeuting jadi sapeupeuting, sapoe jadi sapopoe.

3. Rajekan Dwilingga Rajekan dwilingga nya eta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu di dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka). Conto kecap rajekan dwimurni: mobol-mobil, motor-motor, jalma-jalma, jrd. conto kecap rajekan dwireka: Pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toel, jrd.

4. Rajekan Trilingga Rajekan trilingga nya eta kecap anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna. ilaharna ngan kecap nu dirajek ku rajekan trilingga ngan diwangun ku 3 atawa 4 hurup. Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tring-trung, jrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar