Senin, 28 Februari 2011

Wilujeng Tepang Baraya....

Assalamu'alaikum Warohmatulohi Wabarokatuh...
Sugrinig puji hak Gusti nu Maha Suci, sembaheun sadaya abdi, Sagala puja sumangga urang sanggakeun ka mantenna, Allah Subhanahu wata'ala, Dzat nu murbawisesa alam mayapada katut sadaya pangeusina, uteuk tongo walangtagakalebet urang sadyana salku manusa anu kumelendang ayeuna di alam dunya. Salajengna sholawat miwah salam kawilujengan dihaturkeun ka panutan alam jungjunan urang sadayana nyatana Kangjeng Nabi Muhammad sholalohu 'alaihi wassalam, teu hilap ka kulawarina, ka para sahabatna sareng ka sadaya umat anu ta'at kana ajaran mantenna, amin ya robbal 'alamin.
Nepangkeun simkuring wasta Sopian asli ti Bandung Jawa Barat leresan kampung Cibodas RT 02 RW XVI Desa Nagrog Kecamatan Cicalengka.Sadidinten pacabakan ngurus barudak di Madrasah Nurul Falah Desa Nagrog oge ngawulang di SMP/SMA KP Cialengka masih kuliah di Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan Bahasa Arab Uninus Bandung.Karesep kana sagala perkara anu aya paedahna pikeun awak sorangan pon kitu deui kanggo balarea kayaning maca, nulis, mikir, bisnis, sareng sajabina. Ngarah langkung akrab sareng simkuring, sumangga ka sadayana dihaturan linggih di:

1. http://rumahsopian.blogspot.com/
2. sopian72.blogspot.com/
3. sopianbloggies.blogspot.com/
4. bolehcuratcoret.blogspot.com/
5. sopianbloggies.blogspot.com/2011/.../ciri-ciri-guru-profesional.html
6. http://berdikari2011.blogspot.com/
7. http://janelasundasopian.blogspot.com/
8. http://pengajiansopianbloggies.blogspot.com/
9. http://sopiantukarpikiran.blogspot.com/

Mugia lugina manah tur ngarandapan jatnika sapapaosna simkuring ngaraos bingah amar wata suta bingah kagiri-giri bingah nu taya hinggana tiasa duduluran sareng Salira.

Wassalamu'alaikum, wr, wb.

1 komentar: